Rabu, Juli 10, 2013

Tuturut Munding

Tuturut munding (meureunan resep ka munding)
tuturut munding (meureun kasurupan munding)
tuturut munding (boa boa ngélmu munding)
tuturut munding (kalakuan siga munding)
*
Batur lieur, milu lieur
Batur ngaco, milu ngaco
batur gélo, milu gélo
diajak balég teu daék
Batur saur milu saur
batur buka milu buka
ti beurang batur puasa
manéhna jajan samangka
Batur saur milu saur
batur buka milu buka
ti peuting batur tarawéh
manehna cindekul gapléh
Malem lebaran
batur di masjid takbiran
manéhna sorangan
mabok ao di péngkolan
Poé lebaran
batur salembur solat ‘id
manéhna ngajoprak
dipépéndé ku jin iprit

Senin, Juli 08, 2013